Jumlah Halaman : 123
Kategori : Pustaka Anak
Sub Kategori : Cerita Anak
Penerbit : Kiblat Buku Utama
Tahun Terbit : 2022
ISBN : 978-623-469-004-0
eISBN : 978-623-469-005-7 (P
Jumlah Halaman : 123
Kategori : Pustaka Anak
Sub Kategori : Cerita Anak
Penerbit : Kiblat Buku Utama
Tahun Terbit : 2022
ISBN : 978-623-469-004-0
eISBN : 978-623-469-005-7 (P
BULAN PUASA
Kalakuan urang pasisian dina bulan Puasa, béda pisan jeung kalakuan urang dayeuh. Di pasisian mah dina bulan éta tara aya nu digarawé, ngan ukur gawé lumayan baé, nu dikira teu matak capé, lantaran pada puasa. Budak laleutik ogé di pakampungan mah, dipaksa sina paruasa. Upama aya pigawéeun sok digentakkeun dina bulan Rewah atawa didagokeun ka bulan Sawal. Pagawéan nu digentakkeun dina bulan Rewah nyaéta awéwé kudu getol nutu, sangkan béasna cukup pikeun sabulan puasa, lalaki kudu getol ngala suluh, sakurang-kurangna kudu boga 20 tanggungan. Nu marelak lauk di sawah, geuwat dipindahkeun ka balong nu dareukeut, ambéh babari ngala.
Di lembur kuring ogé nya kitu baé. Malah ari pasosoré leuwih rame batan di lembur-lembur séjén. Kolot budak ramé langlayangan ngabrangbrangkeun seueul beuteung, ti beurang tingjaloprak di saimah-imahna. Babaturan kuring pada bogaeun langlayangan, ari kuring mah ngan ukur nénjokeun baé ti jero kebon, da teu boga, turug-turug dicaram.
Dina sakali mangsa, kuring dipiwarang meuli minyak tanah ka warung. Di jalan, kuring amprok jeung babaturan nu rek langlayangan ka tegal. Si Dakir ngomong ka baturna. "San, bikeun langlayangan silaing ka si Haén, da éta mah kebluk, hésé diadukeunana, nu déwék top keur silaing!"
Si Hasan teu némbal kitu-kieu, sok baé mikeun, bolana méré dua deupa.
Balik ti warung, kuring luak-lieuk baé sieun kanyahoan boga langlayangan, datang ka imah sok diselapkeun di hateup urut kandang, ari kuring tuluy nyiram pepelakan.
Isukna, dulur miwarang ka kuring, saurna, "Haén, gemuk ti kandang akutan ka kebon, urang paké ngagemuk pepelakan, engké ari akang tas Jumaahan ti masjid kudu anggeus."
Harita kénéh kuring ngakutan, meunang dua balikan. Katilu balikanana, langlayangan dirampid. Datang ka kebon diapungkeun, talina ditumbuan ku ramat cau supaya rada luhur. Waktu éta kabungahan kuring hésé pibandingeunana, pédah bisa nurutan budak séjén.
Sabot kuring sukan-sukan kitu, torojal Jéés ka kebon ménta dipangnyieunkeun kokolécéran ka kuring. Langlayangan geuwat diteundeun ka kolong saung diruang ku taneuh ngebul, dekul nyieun kolécér. Barang kolécérna keur dipecak-pecak, dulur sumping ka kebon mariksakeun beubeunangan digawé. Ana katingali kakara meunang tilu carangka, haok nyeuseul ka kuring. Kuring némbal, "Da ieu Jéés, nu ngagémbang ménta dipangnyieunkeun kolécér, ari teu diturut sok maséaan ka abdi."
Témbal Jéés, "Nyieun kolécér mah ngan sakeudeung, Mama! Emang kasampak ku abdi keur langlayangan, tuh langlayanganana ogé diruang di kolong saung." Ngadéngé Jéés bébéja kitu, kuring kacida ambekna.
Langlayangan dicandak sarta terus dipepejét. Ku nu maca tangtu kataksir, sakumaha pinyaaheunana kuring kana cocooan, sabab beunang hayang ti baréto, jeung deui, éta ogé paméré, boga sotéh. Ku bawaning nyaah nepi ka ceurik harita mah.
Nyaah temen éta langlayangan kuring, naha bet disasaak, meureun moal boga deui, éta gé ti babaturan.
Diri kuring naha bet balangsak teuing, béda jeung budak nu réa, pasosoré brul arulin, kuring mah teu meunang pisan. Padahal ayeuna téh waktu ulin, ku sabab bulan Puasa. Entong-entong barudak leutik, najan kolot ogé lumbrah.
"Dasar si Jées nu goréng biwir, maké kelak, ati-ati ké ku kuring, mun keur jauh ti bapana."
Kuring keur inghak-inghakan ceurik, jol sobat kuring nu pangbageurna ngaran Radén Umar, putra Juragan Mantri Cacar, ngirim sangu ketan sabungkus. Manéhna nanya, "Dirangkét ku Emang, naon nu nyeri?"
Ku kuring dicaritakeun yén lain dirangkét, tapi langlayangan diririkes.
Umar ngomong deui, "Keun engké ku abdi dipangméntakeun duit sabénggol ka ibu, keur meuli langlayangan deui. Tapi engké soré kudu ngéndong di abdi, da Mama teu aya, ngurisan, ayeuna mah urang ngukuy belut anggur!"
Ngadéngé omong Umar kitu, haté kuring cénghar deui, terus nyokot carangka rék nganggeuskeun ngakutan gemuk. Nu ngajak ngukuy belut téa mah teu digugu, sieun dulur ngarangkét.
Ari Jéés téa, ka kuring harak pisan teu kaop titahanana diengkékeun, upadi mun dipungpang. Parandéné kitu, ku kuring tara dilawan, lantaran batur mah aya indung-bapana.
Upama keur dahar ngariung, alas kuring dipencrong baé, dibandingkeun jeung alasna. Lamun eusi alas kuring dikira sarua, kudu baé ngarenghik ka indungna, nitah eusi alas kuring dicokot sawaréh kudu ditambahkeun kana alas manéhna. Upama alasna leuwih loba mah tara kua-kieu. Kuring ngarasa diteungteuingan ku kalakuan Jéés.
Ku kitu ogé, pikir kuring kacida nalangsana, rék ngalawan ngan ukur ku haté, tina sok dipangmeunangkeun. Sakapeung sok ménta ingkah ti dulur, niat bubujang di Juragan Mantri Cacar, purah nganteur ka désa-désa, ngurisan.
Sabada Magrib, kuring jeung batur-batur biasa ka masigit, tarawéh, sawaréh babaturan terus tadarus, ari kuring mah tara milu, nénjakeun baé tukangeun batur.
Ku lantaran kitu, kuring kacida érana ku babaturan, sumawonna ku lebé-lebé mah, duméh gedé-gedé teu nyaho pisan aksara Arab saeluk-eluk acan. Dina haté, hayang geura prak diajar ngaji, mun dicarék, seja ngaléos baé ka pasantrén. Hanas teu boga bekel, ku kuring teu dipikiran. Komo dina poéan Lebaran, ngangresna pikir kuring lain dikieuna. Nénjo papakéan sobat-sobat sakitu garindingna, kuring mah ngan ukur bisa disalin ku papakéan urut Jéés. Nu biasa dipaké sapopoé ku manéhna, sakadar diseuseuh heula, kitu ogé teu pati senang, nu boga mindeng nitah ngalaan. Teu kaop aya pacengkadan saeutik. Ari batur-batur mah pésakna tingkéréncéng dieusi duit, mungguh kuring, kitu-kitu ku ayeuna. Hadéna beuteung teu kurang naon-naon, sabab di imah babaturan milu sidekah.
Ku ingetan kuring, hayang téh unggal poé Lebaran, matak seubeuh barang hakan tur bisa ulin abring-abringan jeung babaturan.
***
Dicutat tina Novel Carita Budak Yatim
Karya R. Hanapiah
📝 Pancén Hidep
Hidep geus maca sempalan novel Carita Budak Yatim. Ayeuna jawab pananya ieu di handap!
Naon téma atawa jejer carita dina éta novel?
Saha waé palaku dina éta sempalan novel?
Kumaha watek Haén? Kumaha ari watek lanceukna Haén?
Iraha waktu jeung di mana tempat kajadian carita?
Amanat naon nu hayang ditepikeun ku pangarang dina éta carita?