A. WANGENAN NOVÉL
Novél nyaéta karya prosa fiksi dina wangun lancaran anu nyaritakeun kahirupan sapopoé.
Ciri-ciri novél nyaéta alur caritana ngarancabang (kompléks), tokoh palakuna loba, galurna panjang, latarna laluasa, tur eusina nyaritakeun kahirupan sapopoé.
Novél nu munggaran atawa pangheulana medal dina sastra Sunda judulna Baruang ka nu Ngarora karya D.K. Ardiwinata taun 1914.
Baruang Ka Nu Ngarora karya D.K. Ardiwinata (1914)
Citakan Heubeul
Citakan Heubeul
Citakan Anyar
B. UNSUR-UNSUR NOVÉL
Unsur-unsur nu aya dina novél nyaéta :
Téma (theme)
Palaku (character)
Latar (setting)
Galur (plot)
Puseur sawangan (point of view)
Amanat (massage)
Téma (theme) nyaéta gagasan utama nu jadi ruh atawa jiwa tina carita novél. Conto téma dina novél saperti téma sosial, romantisme, rumaja, sajarah, perjuangan, pangumbaraan (petualangan), misteri, horor, religi, pendidikan.
Palaku (character) nyaéta tokoh nu ngalalakon atawa nu maénkeun peran dina carita. Palaku umumna miboga tilu tipe karakter, nyaéta protagonis salaku fokus utama, antagonis nu nyiptakeun konflik, jeung tokoh pangrojong nu jadi kontras atawa dogdog pangréwong (tokoh pelengkap). Watek palaku nyaéta sipat jeung paripolah tokoh, bisa robah-robah (dinamis) bisa ogé angger (statis). Watek nu sok nyampak umumna hadé-goréng. Sipat hadé saperti soméah, béréhan, tara linyok bohong (jujur), karunyaan, paduli, sok nulungan, jsb. Sipat goréng saperti licik, korét atawa medit, munafik, loba ngabohong, hampang leungeun, goréng adat, jorok, kejem, sok curaling, sok ngahina, jsb.
Latar (setting) nyaéta kaayaan lumangsungna kajadian dina carita. Umumna aya latar waktu, latar tempat, jeung latar suasana. Latar waktu bisa iraha baé, gumantung pangarang nuliskeun latarna bisa maké menit, jam, poé, bulan, taun, atawa jaman. Contona isuk, beurang, soré, peuting, wanci burit, wanci janari, taun kamari, jaman baheula, jaman penjajahan. Latar tempat ogé bisa di mana baé, saperti di imah, di sawah, di kebon, di leuweung, di lembur, di kota, di nagara, di benua, di planét, jsb. Latar suasana saperti suasana perang, suasana sepi, suasana di tengah leuweung, suasana sedih, seneng, jsb.
Galur (plot) nyaéta jalanna carita atawa runtuyan kajadian dina carita. Umumna aya carita nu galurna maju, galur mundur, jeung campuran. Istilah kiwari saperti plot twist sok dipake pikeun nyebutkeun carita nu galurna teu kaduga-duga nu matak pamaca reuwas sabab teu nyangka bakal kitu.
Puseur sawangan nyaéta cara pangarang nyarita dina novél, bisa maké puseur sawangan jalma kahiji (kuring), jalma kadua (anjeun), atawa jalma katilu (manéhna; ngaran tokoh). Conto:
jalma kahiji: “kuring tadi isuk indit ka sakola kana angkot“.
jalma kadua: “ke soré anjeun balik ti sakola tuluy ulin ka walungan”.
jalma katilu: “manéhna reuwas manggih buhaya” jeung “Si Emod nyarandé kana tangkal kai”
Amanat nyaéta pesen atawa hal-hal anu ditepikeun ku pangarang dina carita novél
C. STRUKTUR NOVÉL
Dina novél aya 5 struktur pangwangun atawa 5 tahapan galur, nyaéta:
Oriéntasi (awal carita)
Konflik (awal masalah)
Klimaks (puncak masalah)
Anti-klimaks (ahir masalah)
Résolusi (ahir carita)
D. APRÉSIASI NOVÉL
Aprésiasi novél nyaéta ngahargaan atawa méré tanggapan novél. Aprésiasi novél mangrupa cara urang maham, ngalenyepan tur ngahargaan eusi carita novél. Urang lain ukur maca, tapi ngarasakeun jeung mikiran carita di jerona.
Nu dilakukeun nalika ngaaprésiasi novél saperti:
Maham carita: kumaha alurna, saha baé palakuna
Ngarasakeun carita: sedih, bungah, tegang, kuciwa, jsb.
Ngajénan: caritana alus atawa henteu, menarik atawa henteu
Nyindekkeun: pesen atawa pelajaran naon nu bisa diala
E. DAPTAR JUDUL NOVÉL SUNDA
Di handap daptar judul novél sunda diruntuykeun ti jaman baheula nepi taun-taun ayeuna.
Periode 1910-an
Baruang Ka Nu Ngarora karya D.K. Ardiwinata (1914)
Periode 1920-1940
Siti Rayati karya Moh. Sanoesi (1927)
Siti Fatimah karya Moh. Sanoesi
Dibélaan Pegat Nyawa karya Moh. Sanoesi
Carios Agan Permas karya Joehana (1928)
Neng Yaya karya Joehana
Rusiah nu Goréng Patut karya Joehana
Pangéran Kornél karya R. Méméd Sastrahadiprawira (1930)
Mantri Jero karya R. Méméd Sastrahadiprawira
Lain Eta karya Moh. Ambri
Munjung karya Moh. Ambri
Ngawadalkeun Nyawa karya Moh. Ambri
Burak Siluman karya Moh. Ambri
Laleur Bodas karya Samsu
Diarah Pati karya Margasulaksana
Periode 1940-1950
Gogoda Ka Nu Ngarora karya M.A. Salmun (1951)
Marjanah karya Suwarsih Djojopuspito (1959)
Periode 1960-an
Dedeh karya Yus Rusamsi
Pileuleuyan karya Yus Rusamsi
Randa Béngsrat karya Yus Rusamsi
Wilujeng Enjing karya Yus Rusamsi
Napsu nu Matak Kaduhung karya Nanie Sudarma
Néangan Bapa
Imah nu Réa Kamarna
Pamuda Désa
Sekar Ligar di Tetelar
Mojang Kota karya Nanie Sudarma
Meunang Geusan Muntang karya Eddi Tarmidi
Prabu Siliwangi karya Eddi Tarmidi
Laksana karya M.I. Adnawidjaja
Kabogoh Téré karya Ayatrohaédi
Babu Kajajadén karya Sjarif Amin
Manéhna karya Sjarif Amin
Nyonya Kawasa karya Hayati
Kadeudeuh Panganggeusan karya Apip Mustopa
Bogoh Ka Randa karya Apip Mustopa
Sri Panggung karya Tjaraka
Béja ti Maranéhna karya Ki Umbara
Diwadalkeun ka Siluman karya Ki Umbara
Kongkorong Béntang karya Ki Umbara
Maju Jurang Mundur Jungkrang karya Ki Umbara
Si Bedog Panjang karya Ki Umbara
Nganti-Nganti Dawuh karya Karna Yudibrata
Nu Seungit Dipulang Asih karya Ahmad Bakri
Srangéngé Surup Mantén karya Ahmad Bakri
Payung Butut karya Ahmad Bakri
Periode 1970-an
Ngabuang Manéh karya Ki Umbara
Pipisahan karya RAF (Rahmatullah Ading Affandi)
Puputon karya Aam Amilia
Sudagar Batik karya Ahmad Bakri
Lembur Singkur karya Abdullah Mustapa
Periode 1980-an
Buron karya Aam Amilia
Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata (1985)
Kalajengking karya Anna Mustikaati
Cinta Pabaliut karya Eddy D. Iskandar
Béntang Pasantrén karya Usép Romli H.M.
Rini karya Yoséph Iskandar
Ngepung Kahar Muzakar karya Adang S.
Si Lamsijan Kaédanan karya Ki Umbara
Mikung karya Abdullah Mustapa
Periode 1990-an
Prabu Wangisutah karya Yosep Iskandar (1991)
Pamanah Rasa karya Yosep Iskandar (1991)
Tanjeur na Juritan Jaya di Buana karya Yosep Iskandar (1991)
Sang Mokteng Bubati karya Yosep Iskandar (1991)
Putri Subanglarang karya Yosep Iskandar (1991)
Demung Janggala karya Tatang Sumarsono (1993)
Katineung karya Holisoh M.E. (1998)
Periode 2000-an
Galuring Gending karya Tatang Sumarsono
F. DAPTAR JUDUL NOVÉL SUNDA ANAK
Di handap daptar judul novél sunda pikeun barudak atawa rumaja:
Periode 1920-an
Carita Budak Yatim karya R. Hanapiah (1924)
Periode 1930-an
Budak Teuneung karya Samsoedi (1930)
Periode 1960
Budak Minggat karya Samsoedi citakan kadua (1965)
Nu Seungit Dipulang Asih karya Ahmad Bakri (1968)
Periode 1980-1990
Budak Teuneung karya Samsoedi Citakan kadua (1982)
Miang jeung Kaludeung karya Tatang Sumarsono (1983)
Kedok Tangkorék karya Aan Merdeka Permana (1986)
Andar-andar Stasion Banjar (1986)
Jalma nu Ngarudag Cinta (1986)
Andar-andar Pangandaran (1987)
Paul di Pananjung Paul di Batukaras (1987)
Muru Tanah Harepan (1987)
Tanah Angar di Sebambam (1987)
Budak Calakan karya Adang S. (1986)
Dang Umar ti Situraja karya Adang S. (1984)
Periode 1990-2000
Nyaba ka Leuweung Sancang karya Aam Merdeka Permana (1990)
Si Paser karya Tatang Sumarsono (1992)
Guha Karang Legok Pari karya Hidayat Soesanto (1993)
Bima Rengkung karya Hidayat Soesanto (1995)
Seri Carita Wayang tina Mahabarata karya Hidayat Soesanto
Si Bedegong karya Aan Merdeka Permana (1999)
Silalatu Gunung Salak karya Aan Merdeka Permana (1999)
Anaking Jimat Awaking karya Wahyu Wibisana (2002)
Anak Jadah karya Cecep Burdansyah (2002)
Carita Si Dirun karya Samsoedi (2002)
Surat Wasiat karya Samsoedi (2012)
Babalik Pikir karya Samsoedi
Kabandang ku Kuda Lumping karya Ahmad Bakri (2008)
Neangan Bapa karya Adang S (2010)
Menak Amir karya Ki Umbara
Lutung Leutik karya Ki Umbara (2002)
Nu Ngageugeuh Legok Kiara karya Dadan Sutisna (2006)
Si Bedog Panjang karya Ki Umbara (2012)
Teu Tulus Paeh Nundutan karya Ki Umbara (2013)