ᮃᮊ᮪ᮞᮛ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ
(Aksara Sunda)
ᮃᮊ᮪ᮞᮛ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ
(Aksara Sunda)
Download PDF (269 KB)
Aksara mangrupa salah sahiji warisan ti karuhun nu kudu dijaga dimumulé ku panerusna, contona aksara Sunda. Nu kudu neruskeun nyaéta urang sadaya, salaku sirung bangsa. Mémangna rék ku saha deui lamun lain ku urang Sundana sorangan? Aksara Sunda dina ieu modul geus disaluyukeun jeung format Unicode 2013, dijerona digundukeun jadi 4 bagian: (1) Aksara swara (vokal), (2) Aksara ngalagena (konsonan), (3) Aksara angka, jeung (4) Aksara rarangkén (pananda sora).