ᮌᮥᮌᮥᮛᮤᮒᮔ᮪
(GUGURITAN)
(GUGURITAN)
Guguritan nyaéta ungkara sastra atawa karangan puisi buhun (klasik) Sunda anu pondok sarta ditulis maké aturan pupuh. Guguritan ogé sok disebut dangding. Cara maca guguritan nyaéta sok dihaleuangkeun atawa dihariringkeun, éta ogé sok disebut nembang. Guguritan umumna miboga téma jeung eusi anu leuwih ringkes dibandingkeun jeung wawacan.
Guguritan = karya sastra puisi atawa dangding
Pupuh = ugeran / patokan / aturan nulis guguritan
Tembang = lagu tina guguritan, upama urang ngalagukeun guguritan sok disebut nembang.
Sabenerna guguritan geus aya ti jaman baheula, ngan sumebarna lolobana sacara lisan. Upama wangun tulisan, aya buku kumpulan guguritan anu munggaran medal nyaéta Jamparing Hariring karya Déddy Windyagiri (1991).
Contoh guguritan Sunda nu populer :
Riring-riring Ciawaking karya Wahyu Wibisana
Guguritan Munggah Haji karya Yus Rusyana
Guguritan karya Ajip Rosidi
Jaladri Tingtrim karya Dyah Padmini
Seri Guguritan karya Haji Hasan Mustapa (saperti Kinanti Kulu-Kulu jeung Asmarandana nu Kami)
Lagu Ngajadi: Kumpulan Guguritan Basa Sunda karya Dian Héndrayana
Wulang Krama; Wulang Murid; Wulang Guru karya R. H. Muhammad Musa
Asmarandana Lahir Batin karya R.A. Bratadiwijaya
Dangdanggula Laut Kidul karya Kalipah Apo
Ngalayung di Tungtung Lembur karya M.A. Salmun
Di Jalan Tasik-Garut karya R. Méméd Sastrahadiprawira
Kiamat Leutik karya Tubagus Jayadilega
Pupuh téh nyaéta ugeran / patokan / aturan nu tangtu pikeun ngarang atawa nulis puisi sunda saperti guguritan jeung wawacan. Aturan nu dimaksud téh nyaéta :
Guru wilangan : jumlah engang (suku kata) dina unggal padalisan (baris)
Guru lagu : hurup vokal (a, i, u, é, e, eu, o) nu aya di ahir kecap dina unggal padalisan
Watek : unggal pupuh miboga watek / karakter / témana masing-masing, aya nu watekna sumanget, sedih, jsb.
Pupuh téh kabéhna aya 17, anu kabagi jadi dua golongan nyaéta sekar ageung (4) jeung sekar alit (13).
A. Sekar Ageung
Pupuh Kinanti
Pupuh Sinom
Pupuh Asmarandana
Pupuh Dangdanggula
B. Sekar Alit
Pupuh Balakbak
Pupuh Durma
Pupuh Gambuh
Pupuh Gurisa
Pupuh Jurudemung
Pupuh Ladrang
Pupuh Lambang
Pupuh Magatru
Pupuh Maskumambang
Pupuh Mijil
Pupuh Pangkur
Pupuh Pucung
Pupuh Wirangrong
1. KINANTI
Budak leutik bisa ngapung
Babaku ngapungna peuting
Nguriling kakalayangan
Néangan nu amis-amis
Sarupaning bungbuahan
Naon baé nu kapanggih
2. SINOM
Warna-warna lauk émpang
Aya nu sami jeung pingping
Pagulung patumpang-tumpang
Ratna Rengganis ningali
Warnaning lauk cai
Lalawak patingsuruwuk
Sepat patingkarocépat
Julung-julung ngajalingjing
Sisi balong balingbing sisi balungbang
3. ASMARANDANA
Éling-éling mangka éling
Rumingkang di bumu alam
Darma wawayangan baé
Raga taya pangawasa
Lamun kasasar lampah
Nafsu nu matak kaduhung
Badan anu katempuhan
4. DANGDANGGULA
Sing aringet ulah salah harti
Ngomongkeun batur téh penting pisan
Ngomong-ngomong tong polontong
Kabéh ngomongkeun batur
Keur muru hirup nu walagri
Diajar ngalalampah
Napak hirup batur
Maca kana pangalaman
Léngkah nu hade keur picontoeun diri
Nu goréng mah singkahan
5. BALAKBAK
Aya warung sisi jalan ramé pisan, Citaméng
Awéwéna luas-luis los ka dapur, ngagoréng
Lalakina los ka pipir nyoo monyét, nyanggéréng
6. DURMA
Di mamana penjajah pada marudah
Lantaran dikiritik
Ku ahli nagara
Yén éta lampah jahat
Tatapi kalah mudigdig
Ambek-ambekan
Dasar nu buta-tuli
7. GAMBUH
Tuh itu beurit lintuh
Mani rendey anakna sapuluh
Arilikan gambarna masing taliti
Anakna kabéh ngariung
Saregep hormat ka kolot
8. GURISA
Hayang teuing geura beurang
Geus beurang rék ka Sumedang
Nagih ka nu boga hutang
Mun meunang rék meuli soang
Tapi najan henteu meunang
Mo rék buru-buru mulang
Rék terus guguru nembang
Jeung diajar nabeuh gambang
9. JURU DEMUNG
Mun pinanggih jeung kasusah
Omat ulah rék nguluwut
Pasrahkeun ka Gusti
Ihtiar ulah tinggal
Neda kurnia Nu Agung
10. LADRANG
Coba teguh masing telek telik
Éta gambar, éta gambar
Sugan nyaho, Ujang nyai
Sato naon reujeung di mana ayana
11. LAMBANG
Riab anu lalumpatan
Lumpat bari tatanggahan
Tingalasruk susurakan
Rék ngarucu langlayang
12. MAGATRU
Coba teguh naon nu sukuna tilu
Panon opat henteu galib
Leumpangna rumanggieung laun
Éstuning ku matak watir
Dongko bari oho-oho
13. MASKUMAMBANG
Duh manusa mana teungteuingeun teuing
Nyangsara pohara
Naha naon dosa kuring
Anu matak dikurungan
14. MIJIL
Aduh Gusti Anu Maha Suci
Sim abdi rumaos
Pangna abdi dumugi ka kesrek
Réhna sepuh parantos ngusir
Takabur sareng dir
Téga nundung sepuh
15. PANGKUR
Bapa Doblang pada terang
Kumis baplang nuruban biwir nu jeding
Pipi kemong, irung mancung
Panon buringas hérang
Goréng omong gawang-geuweung harung gampung
Pantrang mayar kana hutang
Licik sarta sok curaling
16. PUCUNG
Hayu batur urang dialajar sing suhud
Ulah lalawora
Bisi engké henteu naék
Batur seuri, urang sumegruk nalangsa
17. WIRANGRONG
Barudak mangka ngalarti
Ulah rék kadalon-dalon
Enggon-enggon nungtut élmu
Mangka getol, mangka tigin
Pibekeleun saréréa
Modal bakti ka nagara