Jumlah Halaman : 47
Kategori : Pustaka Anak
Sub Kategori : Cerita Anak
Penerbit : Kiblat Buku Utama
Tahun Terbit : 2022
ISBN : 978-979-3631-70-7
eISBN : -
Jumlah Halaman : 47
Kategori : Pustaka Anak
Sub Kategori : Cerita Anak
Penerbit : Kiblat Buku Utama
Tahun Terbit : 2022
ISBN : 978-979-3631-70-7
eISBN : -
BAGIAN 1
NU NGAGEUGEUH LEGOK KIARA
Emod ngiuhan handapeun tangkal kalapa. Panonpoé keur meujeuhna morérét. Babaturanana ogé kawasna mah sarua ngarasa bayeungyang, da tuluy naréangan tempat nu iuh.
"Teungteuingeun Pa Guru téh!" ceuk si Sadun, nyarita ka Emod bari ngageberan awakna ku dudukuy rubak.
"Alah pilakadar néangan kongkoak atuh, naon héséna!" témbal Emod.
"Enya, tapi ari dipentrang kieu mah, ripuh pisan!" pokna bari nyarandé kana tangkal kalapa. "Keur naon deuih kongkoak, moal ngeunah didahar!"
"Da manéh mah ukur dahareun nu dipikiran téh. Engké balik ti dieu rék dahar mah. Boa Ema Adun geus nyadiakeun goréng lauk emas!"
"Ah, tara ti sasarina. Unggal poé ogé, sambel deui, sambel deui!"
Teu kungsi lila, Pa Guru ngajak baralik deui ka kelas. Emod ngajingjing kongkoak jeungjing sababaraha tangkal. Kitu deui nu séjénna.
Sanggeus dariuk di kelas, Pa Guru sasauran.
"Bapa mah lain rék nyiksa ngajak ulin ka kebon kai téh!" saur Pa Guru. Si Sadun katénjo bareureuman, asa kasindiran tayohna téh. "Tapi, ngarah hidep nyaho kana lingkungan di sabudeureun urang. Kudu dijaga diriksa éta téh, ulah nepi ka diruksak. Urang perlu ku tatangkalan. Sabab urang bisa hirup téh lantaran tatangkalan!"
"Asa teu kaharti!" si Sadun ngaharéwos ka Emod. "Nya hirup mah ku kéjo atuh, lain ku tangkal kai!"
"Sttt, regepkeun geura!" Emod rada nyigeung.
"Tatangkalan téh gedé pisan mangpaatna. Bisa dipaké tempat ngiuhan jeung bisa ngadatangkeun hawa nu seger. Lamun pareng usum hujan, jadi pamageuh urug jeung banjir. Bisa bijil cai nu hérang tina sela-sela akarna sarta éta pisan anu diinum ku urang téh. Di sakola urang, karasa hareudang bayeungyang lantaran langka tatangkalan. Tah, pagéto mah hayu urang pelakan ku kongkoak, ngarah laliuh deui!"
"Badé tumaros, Pa!" ceuk Emod. "Apan tangkal kai mah lami rék ageungna téh. Abdi ogé kabujeng tamat sakola!"
"Urang ulah mikir keur diri sorangan baé. Enya, ari ayeuna mah moal karasa mangpaatna. Tapi jaga keur adi-adi hidep. Sok ayeuna mah geura bébérés, da geus waktuna balik. Pagéto mawa koréd atawa pacul, urang melak kongkoak!"
"Manggaaaaa!" barudak saur manuk.
Di jalan, si Sadun ngecewis teu eureun-eureun.
"Ceuk déwék mah, Mod, poé Senén téh mending melak tatangkalan nu babari kaala hasilna. Upamana baé cau, sampeu, ngarah urang bisa ngasaan!"
"Engké wé di lembur rék melak nu kitu mah!"
"Atuh da asa euweuh gunana, melak tangkal kai nu kakara gedé mun geus puluhan taun mah. Urangna ogé kaburu janggotan mantén meureun!"
"Apan ieu mah keur nyalametkeun lingkungan, sangkan lembur urang tetep beresih jeung seger!"
"Eh, Mod, di lembur urang ogé aya tangkal kai gedé mah di Legok Kiara!"
"Enya. Ceuk béja ti kolot kuring, cenah umurna téh geus ratusan taun!"
"Kungsi ngadéngé ogé, tapi
"Sok disingsieunan ku Ema, nya. Kuring ogé dicarék ulin ka dinya téh. Nu matak nepi ka ayeuna encan nyaho jungkiringna. Sagedé naon tangkalna? Wah, moal teu sarua jeung beuteung munding, ari umurna geus ratusan taun mah!"
"Teuing, atuh!"
"Aéh, Mod, isukan téh urang lembur rék moro beurit ka sawah. Urang milu, yu!"
"Sieun, dicarék ku Bapa!"
"Ah, uing mah rék milu, da!"
Obrolan maranéhna kapegat ku péngkolan. Emod mah terus mengkol ka katuhu, da imahna lebah dinya.
*****
Geus mindeng pisan Emod ngadéngé éta tempat téh. Tapi ari ngahaja ulin mah tacan kungsi. Lain teu hayang, ngan sok dicarék baé ku indungna. Eukeur mah batur ogé tara aya nu wani ulin ka dinya. Tong boroning barudak, dalah kolot ogé langka pisan anu ngalanto ka Legok Kiara mah. Ceuk bapana, cenah di Legok Kiara téh loba jurig jeung dedemit. Tempatna sanget jeung geueuman. Eta da puguh aya tangkal kiara anu jangkungna kabina-bina. Areuyna ngagangsar kana taneuh. Tapi Emod henteu percaya teuing kana éta béja téh. Manéhna angger panasaran. Malah hayang ngabuktikeun, naha enya di dinya téh aya jurig?
Peuting éta, bapana jeung Mang Apin ngobrol di patengahan. Ari Mang Apin téh tukang ngurus pakaya bapana Emod. Purah macul jeung nyéboran sawah. Sok disebut panyawah ku urang lembur mah. Mimitina mah Emod ogé henteu maliré ka nu keur ngobrol di patengahan téh. Anteng baé maca buku di pangkéng. Ti basa bapana nyabit-nyabit Legok Kiara, manéhna ngadak-ngadak curinghak. Malah tuluy ka luar ti pangkéng, api-api nyampeurkeun indungna. Padahal mah hayang leuwih écés ka nu keur diobrolkeun ku Bapana jeung Mang Apin.
"Bakal loba nu milu isuk téh, Pin?" ceuk Pa Emod bari ngenyot padudanana.
"Ku kinten-kinten mah, anu kagungan sawah di Legok Kiara, sadayana bakal angkat. Malah Jang Obay mah saurna badé nyandak obat beurit kénging mésér ti KUD.
"Alus wé atuh. Ari maké obat mah piraku henteu paraéh kabéh!"
"Geuraheun, Pa. Da liangna téh sanés di dinya wungkul. Di sérang Pa Haji ogé, anu tebih ka sawah, sok aya nu mendakan beurit," ceuk Mang Apin bari kop kana bubuy sampeu. Suruput nginum ci kopi.
"Badé naon kitu énjing téh, Ma?" Emod nanya ka indungna. Kawasna mah can ngarti ka nu keur diobrolkeun ku bapana jeung Mang Apin.
"Rék moro beurit. Apan geus dua taun panén téh tekor, da paréna béak ku beurit!" Emod jadi inget kana caritaan si Sadun, basa balik sakola. Ceuk Sadun ogé kapan isuk téh rék moro beurit.
"Kumaha morona, Ma?"
"Ema ogé teu nyaho. Tanyakeun baé ka bapa hidep!" ceuk indungna bari ngarongkong seupaheun. Najan can ngarti kénéh, ari nanyakeun mah Emod téh teu wani. Bisi disangka kokolot begog. Ongkoh katémbongna bapana téh keur ngobrol daria naker.
"Enya, kitu wé atuh, Pin. Kabeneran isuk mah Bapa téh moal milu, aya kaperluan ka kacamatan. Jadi wakilan baé ku Apin."
"Sumuhun, mangga!"
"Da Bapa mah geus tunduh ieu téh. Peuting kamari ngaronda nepi ka jam tilu Subuh. Mang Apin rék saré di dieu?"
"Sumuhun, Pa. Da wangsul ogé tos wengi teuing. Kaleresan pun bojo nuju teu aya, mondokan nu gering."
"Enya atuh, ambéh isuk bisa langsung indit!"
Pa Emod terus ngojéngkang ka pangkéng tukang. Di tuturkeun ku Ma Emod. Tah, basa indung bapana geus areuweuh, Emod asa dibéré lolongkrang pikeun ngobrol jeung Mang Apin.
"Mang, kulemna di enggon Emod, nya!" pokna bari ngadeukeutan Mang Apin nu keur nyerebung udud.
"Arisin atuh, Cép. Emang mah barau domba. Tadi siang apanan ngamandian domba!"
"Wios, Mang. Ambéh Emod aya batur. Sareng aya nu badé ditaroskeun deuih!"
"Mangga upami kitu mah. Ké atuh. Emang badé ngaroris heula panto, bilih ku Apa teu acan ditulakan!"
Emod mah gagancangan asup ka pangkéng. Terus nyadiakeun anggel jeung simbut keur Mang Apin. Najan Mang Apin téh badéga bapana, tapi keur Emod mah taya bédana jeung ka kolot sorangan. Ongkoh ceuk indungna ogé kudu kitu cenah. Ulah kena-kena Mang Apin panyawah, terus nyarita sangeunahna. Angger baé kudu maké tatakrama, da ka saluhureun.
Teu kungsi lila Mang Apin geus abus ka pangkéng. Tapi henteu terus ngagolér. Kalahka diuk di tungtung ranjang.
"Teu acan tunduh Emang mah. Bilih Cép Emod badé kulem ti payun mangga wé. Sareng bilih kasiangan sakola deuih," pokna.
"Ah, da abdi ogé teu acan tunduh. Enjing mah dinten Minggu deuih, janten libur henteu sakola."
"Aéh, enya. Abong geus kolot, mani teu inget. Kelas sabaraha ayeuna téh, Cép?" "Kelas genep, Mang."
"Geuning téréh kaluar. Rék terus ka SMP meureun, nya?"
"Ari kahoyong mah kitu. Mung éta wé Mang, seunggah ku tebihna."
"Apan Encép mah gaduh wargi di kacamatan. Matak naon ngiring di ditu?" "Sumuhun, pun bapa miwarang ngiring di ditu. Manawi lulus kitu ogé, Mang!" "Ah, da Cép Emod mah pinter. Sageuy upami teu lulus téh."
Emod ngahuleng sajongjongan mah. Manéhna hayang buru-buru nanyakeun perkara Legok Kiara téa. Tapi kudu kumaha ngamimitianana, kudu nanyakeun naon heula?
"Énjing téh badé moro beurit, Mang?" ceuk Emod bari cengkat.
"Muhun. Ngagalaksak pisan atuh da beurit téh, Cép. Panén kamari ogé ampir teu kapuluk.
"Naha nya, Mang, di sawah téh bet seueur beurit?"
"Ah, tos kitu wé kuduna meureun. Ngan cenah, pangna beurit ngagalaksak téh lantaran sawahna mindeng garing.
"Garing?"
"Enya. Apan éta mah sawah usum-usuman, sawah tadah hujan disebutna ogé. Kacaianana téh lamun aya hujan wungkul. Baheula urang lembur kungsi rék nyieun irigasi. Tapi teu saranggupeun, da kudu ngabendung walungan. Jabaning solokanana ogé bakal jauh deuih. Teu barogaeun duit keur waragadna.
"Ari Legok Kiara téh palih mana kitu, Mang?"
Méméh ngajawab, Mang Apin neuteup ka Emod siga nu héran, pédah Emod nanyakeun Legok Kiara.
"Rada tebih ti sawah Apa mah. Tapi ari tangkal kiarana mah katémbong. Geura lamun Encep ngiring ka sawah, ku Emang dituduhkeun!"
"Naha maké teu kénging ameng ka dinya?" Emod tambah panasaran. Panonna kalah beuki cenghar, lir ngajarauhan pitunduheun téh.
"Emang ogé teu terang. Ngan ti jaman keur budak, sok dicarék ulin ka dinya téh. Ceuk kolot Emang harita, lamun aya nu ulin ka Legok Kiara, balikna sok tuluy harééng. Malah teu saeutik anu terus kasurupan. Cenah mah kaancikan nu ngageugeuhna. Wallohu alam bener henteuna
mah. Ngan ti saprak dicarék ku kolot, Emang can kungsi ulin deui ka dinya."
"Dugi ka ayeuna?" Emod kerung.
"Kungsi kétang, basa moro careuh. Tapi henteu nepi ka handapeun tangkal kiara, ukur nyerangkeun ti kaanggangan baé."
"Kumaha, Mang, kaayaan tempatna?" Emod tetelepék.
Ari katénjona mah, geueuman naker. Di dinya aya tangkal kiara jangkung pisan. Sabudeureunana pinuh ku kakayon jeung jujukutan. Kawasna mah, pangna nepi ka barala kitu téh, alatan euweuh nu pangangguran nyacar. Diarantep sina ngajejembrung."
"Ari tanah palih dinya kagungan saha?" Emod beuki panasaran. Pitunduheun beuki ngajarauhan. Padahal ti lebah gardu ronda, geus kadéngé sora kohkol sapuluh kali.
"Ayeuna mah euweuh nu bogana. Ngan baheula, di lembur Cihaur téh kungsi aya jelema beunghar, Bah Wiriya, ngaranna. Hanjakal Bah Wiriya henteu akur jeung batur. Katambah korétna kabina-bina. Pagawéanana ngaréntenkeun duit. Ceuk béja mah, Bah Wiriya téh muja ka sabangsaning siluman, sangkan manéhna jadi beunghar, teuing bener henteuna mah. Ngan hiji mangsa, aya urang lembur anu manggihan Bah Wiriya maot handapeun tangkal kiara téa!"
"Aya nu maéhan panginten?"
"Kawasna mah. Tapi da teu aya tapak pakarang dina awakna ogé. Ongkoh Bah Wiriya téh boga kasakit sakalor deui. Tah, ti harita wewengkon Legok Kiara téh tambah geueuman. Magarkeun téh Bah Wiriya ngajungjurigan …”
Rey bulu punduk Emod ngadadak carengkat. Paingan atuh euweuh nu wani ulin
ka dinya.
"Énjing ngiring moro beurit nya, Mang!"
"Tapi kedah wawartos heula ka Bapa!"
"Sumuhun atuh!" ceuk Emod bari ngagolédag kana kasur. Sajeroning peureum, bet ngolébat dina lamunanana wewengkon Legok Kiara anu caranéom. Emod ngabirigidig.
*****
Dicutat tina novél bacaeun barudak:
Nu Ngageugeuh Legok Kiara karya Dadan Sutisna, kaca: 7-16.
📝 Pancén Hidep
Sabada maca novél di luhur, pék tulis tur jawab pananya di handap.
Naon téma novel di luhur?
Saha waé palakuna dina novél di luhur? Kumaha ari watek para palakuna?
Ari novél di luhur nyaritakeun naon?
Di mana jeung iraha kajadianana carita dina novél di luhur téh?
Naon amanat tina novél di luhur?
Naon sababna Emod ngabirigidig?
Kumaha kaayaan Legok Kiara téh?
Kunaon cenah pangna ka Legok Kiara tara aya nu ngalanto?
Naon sababna pangna beurit ngagalaksak ka sawah?
Aya kajadian naon di Legok Kiara?
BAGIAN 2
KAHIRUPAN DI LEGOK KIARA
Panonpoė keur meujeuhna morérét. Panasna kabina-bina. Tutuwuhan hareupeun imah Emod loba nu kalémpohan. Jujukutan nepi ka pirang kahalodoan.
Unggal poé langit lénglang, taya ceudeum-ceudeum pihujaneun. Padahal urang lembur keur nganti-nganti cai hujan. Geus tujuh bulan pepelakan teu kacaian. Geus karuhan ari paré mah, loba anu henteu kapuluk. Sabangsaning sampeu jeung hui ogé meuni hésé kaalana. Kaayaanana kawas kitu téh matak jadi bangbaluh keur urang lembur Cihaur mah. Da puguh taya deui pagawéan. Indit ka sawah, ukur moé tonggong. Taneuhna hésé dipacul, gararing jeung bareulah.
Atuh da tong boro nyébor pepelakan, Keur nginum sapopoé ogé tigerat naker. Pancuran tukangeun Imah Emod ogé ngadadak saat ari usum halodo mah.
"Halado téh siga rék manjang geuning, Pin!" ceuk Pa Emod, basa dina hiji poé ngadaweung dina golodog.
"Sumuhun, Pa. Usum ieu mah urang téh henteu tiasa nyawah, da taneuhna garing. Kangaranan sawah tadah hujan atuh, Pa. Sakalieun halodo téh lapur teu tiasa dipelakan."
"Enya, kumaha baé atuh. Néangan parab keur domba gé hésé meureun nya, Pin?”
"Kantenan atuh, Pa. Jujukutan tos gararing. Kanggo maraban domba téh, ukur ku daun cau atanapi daun sampang. Kitu gé moal tiasa lami, da apan aya séépna."
"Percumah we meureun moro beurit téh...," Pa Emod nyérégéh.
"Sawios ambéh tumpur, Pa. Da moal aya hakaneun ayeuna mah beurit ogé."
"Cai ogé meuni tigerat ayeuna mah."
"Sumuhun. Sesah kanggé nyangu ogé. Atuh da teu aya deui sirah cai di urang mah, iwal ti landeuh. Malah ayeuna mah caina beuki ngorotan da unggal dinten diakutan ku urang lembur."
"Emod ogé lain teu milu hariwang. Ngan naon anu bisa dipigawé ku manéhna. Apan ari paceklik mah geus kodrat alam, lain kahayang manusa. Emod ukur ngarasa keueung, sieun halodo terus manjang. Mangkaning bekel paré di goah beuki ngorotan.
Emod jadi inget kana caritaan guruna. Keur waktuna halodo mah, perlu pisan tutuwuhan téh. Upama hareupeun imah pinuh ku tatangkalan, meureun moal bayeungyang kawas ayeuna.
Ngan aya nu matak hemeng keur Si Emod mah. Unggal tengah poé si Buris sok ngereles. Teuing ka mana ulinna, da ditétéangan téh tara kapanggih. Balik deui ka imah kira-kira wanci Asar.
Ari karah ku unggal paé mah ngerelesna, Emod teu burung panasaran. Hiji mangsa poé Minggu, si Buris ngahaja diintip. Basa wanci geus ngagayuh ka tengah poé, enya baé si Buris téh indit deui. Ku Emod terus dituturkeun. Si Buris tonggoy leumpang mapay pasawahan nu garing kahalodoan. Ngaléngkah siga nu lungsė, kawasna awahing ku panas. Teu ngabibisani, da Emod gé nepi ka ngoprot késang. Tapi henteu ngingetkeun kacapė. Panasaran, rék ka mana jigna ucing kukutanana téh.
Beuki jauh Emod leumpang nuturkeun si Buris. Tungtungna anjog ka Legok Kiara. Si Buris terus kukurusukan ka nu bala.
Emod mah ngarandeg nepi ka pasawahan. Ingeteun kénéh meureun, ti heula kungsi manéhna dicarékan pédah ulin ka dinya. Nu matak ayeuna mah ukur bisa nyérangkeun ti kajauhan. Kilang kitu, ari haténa mah panasaran pisan. Hayang apal, keur naon Si Buris asruk-asrukan ka nu bala téh.
Teu kungsi lila, si Buris geus balik deul. Ku Emad gancang dipangku, terus ditanya kawas ka jelema.
"Tas naon manéh téh, Buris?"
Tapi ucing téh ukur éong-éongan.
Isukna nya kitu kénéh, si Buris geus indit deui. Sakali ieu mah Emod rék ngarempak deui panyarék kolot. Si Buris terus dituturkeun nepi ka handapeun kiara. Gék Emod diuk dina akar. Karasa tiis lebah dinya mah, najan tengah poé ogé. Tangkal kiara kawas teu kapangaruhan ku halodo. Daunna angger ngémploh. Atuh tutuwuhan sabudeureunana, taya nu pirang atawa kalémpohan.
Nenjo kitu mah Emod gé ngahuleng. Naha ieu téh pangaruh tangkal anu geus geueuman kitu? Emod uleng mikir bari nyidik-nyidik tutuwuhan nu aya di sabudeureun éta tempat. Kabéh ogé haréjo, euweuh nu ngarangrangan. Ceuk pikiran Emod, pangna tutuwuhan haréjo téh tangtu aya sababna. Sakur tutuwuhan bisa subur lamun kacaian. Apan ceuk guruna ogé. pangna tutuwuhan bisa hirup téh lantaran aya cai.
Keur ngahuleng kénéh Emod téh. mikiran tatangkalan anu aya di dinya. Kaburu kagareuwahkeun ku si Buris nu kaluar ti tukangeun tangkal kiara. Aya nu anéh dina ténténjoan Emod. Sirah si Buris kulimis siga tas diteuleumkeun kana cai. Si Buris kawas hayang ngajawab kana rasa kapanasaran dununganana. Belecet deui ka tukangeun kiara. Ku Emod dituturkeun. Reuwas pacampur atoh Emod téh. Lantaran tina sela-sela kalakay katėmbong aya nu rembes. Basa ku Emod disuaykeun, bréh aya liang cai.
Emod ngahuleng sajongjongan. Naha bet aya cai di dinya, terus ka mana ngalirna. Barang disidik-sidik ku Emod, cai anu barijil tina taneuh téh siga kasedot deui ka jero. Kawasna mah aya liangna.
Emod jadi inget kana caritaan guruna. Tangkal kai gedé gunana keur nahan érosi jeung neundeun cai. Dina usum hujan, tatangkalan bakal nyerep cai hujan, terus dikaluarkeun deui tina akar. Rét Emod kana tangkal kiara nu ngajungkiring badag naker. Tonggoheun tangkal kiara, kebon kai lega pisan. Jadi pantes lamun aya sirah cai di dinya téh.
Geus manggihan kacindekan kitu mah, Emod gura-giru manéhna balik. Rėk ngabéjaan papanggihanana ka urang lembur.
Anu pangheulana dibéjaan téh bapana. Mimitina mah Pa Emod siga rék ambek, pédah anakna geus ulin deui ka Legok Kiara. Tapi basa ngadéngé béja di dinya aya sirah cai mah, mani ngadadak curinghak. Harita kénéh gé Pa Emod laporan ka Pa RT. Ku Pa RT langsung ditepikeun ka Pa Kuwu.
Isukna, urang lembur ngabring ka Legok Kiara, rék ngaroris sirah cai téa. Loba nu regag-regog nincak ka dinya téh. Lantaran maranéhna percaya kénéh yén Legok Kiara téh tempat nu hara-haraeun, geueumeun, jeung sanget pisan.
Kasaksian ayeuna mah ku saréréa. Di dinya aya sirah cai anu kawilang gedé. Ger, urang lembur surak. Geus kitu Pa Kuwu terus biantara.
"Urang sakabéh kudu sukuran ka Gusti Alloh, lantaran poé ieu geus manggih sirah cai anu bisa dipaké keur kahirupan urang sapopoé. Tina sumber cai anu sakitu gedéna, urang bakal bisa nyébor sawah. Lamun perlu, urang masang paralon keur ka lembur. Ngan kahadé, sangkan caina angger loba, urang kudu ngajaga tutuwuhan di ieu tempat. Ulah dituaran, lantaran tutuwuhan téh sarua jeung sumber cai."
Ger, urang lembur keprok deui. Kabéh ogé kacida nganuhunkeunana ka Emod.
"Cacak lamun baréto mah kapanggihna, meureun sawah téh moal kagaringan." ceuk Pa RT.
"Enya, atuh da urang mah loba teuing kasieun. Dipatalikeun baé jeung dedemit!" Pa Emod nyakakak.
Ayeuna mah Legok Kiara téh geus teu geueuman deui. Malah anu ngahaja ngala cai ka dinya ogé loba. Ancer-ancerna mah, urang lembur bulan hareup rék nyieun talang ti Legok Kiara keur nyébor sawah.
Emod ogé geus tara dicarék deui lamun ulin ka Legok Kiara téh. Malah mah méh saminggu sakali Emod ulin ka dinya. Ngadon niis dibaturan ku ucingna, si Buris.
Geus karuhan si Sadun mah, da karesepna. Teu sirikna saban usik gugulayunan dina areuy téh.
Ari Emod, diuk dina akar téh sok bari hahariringan, pupuh Kinanti:
Lamun leuweung enggeus gundul,
loba anu maling kai,
tanahna tinangtu ruksak,
matak saat hulu cai,
ahirna sawah galahgar.
matak pugag anu tani.
Dicutat tina novel:
Nu Ngageugeuh Legok Kiara
karya Dadan Sutisna