Jadwal FTBI 2026
Tingkat Rayon
📍 RAYON 3
🗓️ Senén, 27 Juli 2026
🏫 SMP Negeri 2 Cikijing
📍 RAYON 2
🗓️ Kemis, 30 Juli 2026
🏫 SMP Negeri 2 Jatiwangi
📍 RAYON 1
🗓️ Saptu, 1 Agustus 2026
🏫 SMP Negeri 1 Sukahaji
Patali sareng ieu kagiatan, aya sababaraha hal anu parantos disaluyuan, nyaéta:
Unggal sakola wajib ngintunkeun minimal saurang pamilon. Jumlah pamilon henteu diwatesanan; upami tiasa lengkep, langkung saé (7 pamilon putra, 7 pamilon putri).
Pamilon nganggo seragam Bodas-Biru.
Pamilon diaping ku saurang pangaping, atanapi tiasa langkung dumasar kana kawijakan sakola masing-masing.
Pangaping nganggo raksukan casual; seragam MGMP, PDH, atanapi batik.
Pamilon widang Dongéng, Biantara, sareng Borangan wajib nyandak naskah masing-masing 2 rangkep.
Biaya régistrasi Rp200.000,- per sakola.
Fasilitas anu disayogikeun:
- Konsumsi (tuang) kanggo pamilon
- Kopi, téh, sareng lalawuh kanggo pangaping.
- Sértipikat Juara 1–3 sareng Harepan 1–3.Juara 1–3 di unggal rayon baris maju ka FTBI Tingkat Kabupatén.