ᮛᮦᮞᮦᮔ᮪ᮞᮤ ᮎᮁᮕᮧᮔ᮪
(Résénsi Carpon)
(Résénsi Carpon)
Daftar Résénsi Carpon :
Kanyaah - Karna Yudibrata
Céntangbarang - Asikin Hidayat
Bobotoh - Asikin Hidayat
Judul Carpon: Bobotoh
Judul Buku: Céntangbarang
Pangarang : Asikin Hidayat
Panerbit : Kiblat Buku Utama
Taun: 2014
Kandel: 128 kaca
ᮘᮧᮘᮧᮒᮧᮂ
Bobotoh
Carpon judulna Bobotoh aya dina Buku Kumpulan Carpon Céntangbarang. Eusina nyaritakeun ngeunaan hiji pamuda anu ngaranna Bénto. Manéhna lain urang Bandung asli tapi Bento téh bobotoh sajati. Fanatik pisan ka Persib Bandung nepika lamun aya tanding boh adu persahabatan boh dina laga turnamen atawa liga, manéhna pasti datang ka stadion pikeun nyuporteran.
Hiji waktu, Bénto ngajugjug ka stadion ngabring jeung babaturanana nu sarua para Bobotoh. Nalika dijalan keur mangkatkeun, teu sangka yén Bento papisah jeung rombonganana. Manéhna nepi ka lieureun néangan babaturanna.
Geus kitu Bénto hulang-huleng mikiran kumaha carana sangkan bisa anjog ka stadion. Teu lila, manéhna tatanya jalan ka jalma nu aya di dinya. Sihoréng mah ka stadion téh jauh pisan, jarakna sarua jeung lamun balik deui ka imahna. Hartina Bento téh aya di tengah-tengah, ka stadion jauh, balik deui gé sarua jauh.
Tapi mun dituluykeun ka stadion perkiraan mah bakal bubar mantén maénbalna. Tungtungna mah Bénto balik deui ka lemburna, teu tulus lalajo klub kanyaahna. Padahal mah Bénto geus sumanget rék ka stadion, ti saacanna meuni geus ngawanti-wanti rék nyumangetan Persib tandang, tapi lantaran éta hal nu ahirna Bento teu lalajo Persib bari mawa handeueul jeung hanjakal, katambah rasa heneg kapegung.