ᮛᮦᮞᮦᮔ᮪ᮞᮤ ᮎᮁᮕᮧᮔ᮪
(Résénsi Carpon)
(Résénsi Carpon)
Daftar Résénsi Carpon :
Kanyaah - Karna Yudibrata
Céntangbarang - Asikin Hidayat
Bobotoh - Asikin Hidayat
Judul carpon : Kanyaah
Judul buku : Kanyaah Kolot
Pangarang : Karna Yudibrata
Panerbit : Kiblat Buku Utama
Taun: April 2014, citakan ka-1
Kandel: 114 kaca
ᮊᮑᮃᮂ
Kanyaah
Ieu carpon eusina nyaritakeun kahirupan salah saurang tokoh jeung kulawargana anu loba kasusah, sangsara jeung tunggara. Hésé dahar najan di lemah cai sorangan, kacida malaratna.
Kuring dipikawanoh getol digawé jeung usaha demi bisa ngipayahan 4 anak sarta pamajikanna, Asih. Kuring geus lila gawé di pamaréntahan, tapi beuki dieu téh beuki seuseut nepika sok teu kaharti buruhna. Tapi, sanajan sakumaha beuratna, Kuring teu kungsi nyerah sabab rasa nyaahna nu gedé pikeun kulawargana. Asih ogé paham pisan kana kaayaan kulawargana.
Hiji waktu, budak nu leutikna gering. Unggal poé beuki parna geringna da teu gancang dibawa ka puskesmas. Asih nempo salakina nu geus ngereket digawé beurang peuting tapi teu metu kana hasil, ahirna inisiatif ngageroan mantri ka imahna keur mariksa budakna anu geus lila gering parna. Sanggeus diubaran, Asih bingung mayaran jasa pa mantri maké naon, sabab teu boga duit. Jol téh Asih nawar solusi nu lain, cara nu goréng. Pa mantri satujueun.
Waktu salakina datang, Asih kapaksa nyarita. Dar-dér-dor asa kasamber béntar, haténa bencar, kuciwa nyeri kabina-bina sanggeus ngadéngé yén pamajikanna geus sapatemon jeung mantri demi mayar jasa pengobatan anakna. Asih téga ngalakukeun hal kotor lantaran rasa nyaah ka budakna. Tapi alesan éta teu bisa ditarima ku salakina, ahirna kuring jeung Asih puputon.