ᮛᮦᮞᮦᮔ᮪ᮞᮤ ᮎᮁᮕᮧᮔ᮪
(Résénsi Carpon)
(Résénsi Carpon)
Daftar Résénsi Carpon :
Kanyaah - Karna Yudibrata
Céntangbarang - Asikin Hidayat
Bobotoh - Asikin Hidayat
Judul Carpon: Céntangbarang
Judul Buku: Céntangbarang
Pangarang : Asikin Hidayat
Panerbit : Kiblat Buku Utama
Taun: 2014
Kandel: 128 kaca
ᮎᮦᮔ᮪ᮒᮀᮘᮛᮀ
Céntangbarang
Carpon Céntangbarang eusina nyaritakeun hiji jalma anu teu boga pamadegan jeung déét pikir, nu ngagugulung kahayang bari jeung teu ngukur kaayaan sarta kamampuhna. Ieu tokoh ngaranna Céntangbarang, nyaéta bujang karaton anu geus lila teu naék-naék pangkat.
Sakapeung mah Céntangbarang sok hayang ngarobah nasibna nepika mikir kumaha carana sangkan naék pangkat. Teu sangka saméméhna, ujug-ujug Citrasinga jeung Palémbanggunung nawaran kalungguhan anu luhur keur Céntangbarang nyaéta jadi juru simpen di Karajaan Talaga Manggung. Tapi nu ditawarkeun ka Céntangbarang aya saratna nyaéta anjeunna kudu maéhan heula Pucuk Umum, sang Raja Agung. Maksudnamah sangkan Palémbanggunung naék tahta jadi raja, tuluy Céntangbarang bisa nuturkeun naék jabatan.
Teu loba mikir, Céntangbarang munahan éta sarat. Raja Agung Pucuk Umum dipaéhan tuluy Céntangbarang kabur ka leuweung. Anjeunna nyumput di leuweung lantaran sieun ditéwak. Keur nyumput kitu teu kahaja kapanggih jeung Kusumalaya. Singget carita, ahirna Céntangbarang pok nyarita kajadian nu sabenerna. Teu sangka, Kusumalaya nu dipercaya ku Céntangbarang singhoréng utusan ti karajaan. Ahirna Céntangbarang dibawa ka persidangan pikeun dihukum.
Tina ieu carpon bisa di ala kacindekan yén Céntangbarang jalmana teu mikir nepika asak, padu waé dina paripolah jeung laku lampahna. Nalika anjeunna dihasud ku Palémbanggunung jeung Citrasinga, nurut waé da ku lantaran geus kapangaruhan ku kahayang atawa nafsu, nyaéta hayang naék pangkat atawa jabatan di Karajaan Talaga Manggung.